Si Utung
Neangan Cinta
Babak 1
(Di
karaton, Putri Purbararang keur cacarita. Adi-adina ngariung, diuk tarungkul.
Purbararang nyaritana bari tutunjuk. Beungeutna semu geuneuk bangun keur nyidem
kakeuheul.)
Purbararang : (Bari
ngacungkeun curuk) Rama prabu teh teu adil. Naha ani dijungjung jadi ratu bet
si Purbasari, budak bau cikur? Naha? Naha lain aceuk anak nu pangkolotna? Aceuk
teu tarima!
Purbaleuwih : Atuda pilih
kasih Rama Prabu mah, aceuk. Geuning katingalna mani nyaaheun pisan ka si
Purbasari mah. Padahal urang teh kapan palaputrana keneh.
Purbamanik : Enya, lepat
kaputusan Rama Prabu teh aceuk. Kedahna mah aceuk anu diistrenan jadi ratu teh
Purbakancana : Peudah geulis
meureun si Purbasari mah, aceuk.
Purbararang : (jebi) Hemh,
asa Sarah Azhari we meureun nyah?
Purbadewata : Padahal geulis
keneh aceuk ceuk abdi mah da. Aceuk mah salirana jangkung kawas Tamara
Blezinsky, rambutna meles ngarumbay kawas Cornelia Agatha. Rarayna bodas
kawas…. Si Omas.
Purbararang : (Molotot)
naon maneh ngahina ka aceuk purbadewata?
Purbadewata : (Bari seuri)
intermeso atuh, ceuk! Aceuk mah bête wae sih katingalna.
Purbararang : (Riukna
daria) yeuh, dengekeun ku sararea! Aceuk rek ngumpulkeun sakabeuh patinggi
karajaan! Aceuk kudu diistrenan jadi ratu!
Purbaendah : Ke heula
aceuk! Lamun kitu, urang teh meureun baheula teu tumut ka nu jadi sepuh. Kumaha
lamun urang sararea meunang dodoja dewata?
Purbararang : Maneh rek
melaan si Purbasari? Pek jeung maneh sakalian dibuangna, si Purbasari ku kami
rek dibuang ka Gunung Cupu (Tuluy ngageroan paman lengser) paman lengser! Paman
lengser!
(Torojol paman lengser nyampeurkeun, cong nyembah)
Paman lengser : Aya pikersaeun
naon, Enden putrid?
Purbararang : Mana si
Purbasari? Cing sina kadieu, paman!
Paman lengser : Tadi mah keur
ngadaweung bae dipengeker, Enden. Ke atuh ku paman rek digeroan.
(Paman lengser ngaleos. Teu lila
geus norojol deui ngiringkeun putrid purbasari. Gek purbasari diuk emok bari
tungkul hareupeun Purbararang)
Purbararang : Yeuh
purbasari! Kami geus badami jeung sapangeusi karaton, semet poe ieu maneh teu
jadi ratu, sarta ayeuna keneh rek dianteurkeun ku paman lengser ka gunung cupu
Purbasari : (Ngahuleng
sawatara lila, tuluy pok bari dareuda) samangga, aceuk. Abdi mah seja tumut
kumaha kapalay aceuk. Mung kumaha ke abdi cuang-cieung di leuweung sorangan?
(Nginghak ceurik)
Purbadewata : Bekelan HP
atuh, aceuk. Ngarah tiasa sms-an ke sareng abdi
Purbararang : Jempe
maneuh, purbadewata! Henjung, paman, geura indit!
Paman lengser : (Bari reuwas,
colohok) Heunteu lepat kitu kukupingan paman teh Enden?
Purbararang : Piraku kudu
make speker Paman? Buru anteukeun si Purbasari!
Paman lengser : Mangga, Enden.
Mung eu…eu…eu…!
Purbararang : Naon deui?
Paman lengser : Nyungkeun acis
kanggo ongkos angkotna, Enden!
(Purbararang kalah molotot. Paman lengser tuluy nuyun putri
purbasari)
Babak 2
(Di leuweung, aki panyumpit keur
tatanggahan neangan manuk. Keur kitu katenjo aya lutung cindekul dina tangkal
kai. Geuwai bae aki panyumpit metakeun sumpitna. Ari pek lutung teh bisaeun
ngomong)
Lutung : Bagea aki! Nuhun aki ngulampreng
ka dieu!
Aki panyumpit`: (reuwas) aeh, aeh?
Naha lutung teh bet bisa ngomong? Boa-boa jurig. Liiiiyyy (Ngabirigidig sieun)
Lutung : ulah sieun! Kuring mah lain
jurig lain genderewo.
Aki
panyumpit : Maneh saha atuh? Sato atawa
manusa?
Lutung : lutung
aki! Kuring teh lutung. Tapi pinter bisa ngomong, nya? Enya da kuring mah
lutung hebring. Lutung gaul (Bari ngacungkeun jempol) lutung edun, aki!
Aki
panyumpit : Ah, tangtu maneh lain
saluting-lutungna, nya? Dimana teuing aya lutung bisa ngomong
Lutung : Ikh, si aki mah! Tara nonton
filem sun go kong kitu? Kapan sun go kong ge bisaeun ngomong.
Aki
panyumpit : Wadul maneh mah! Sok atuh
saha saenyana maneh teh?
Lutung : engke ge aki bakal apal. Hayu
anterkeun kuring ayeuna ka karaton. Kuring teh hayang tepung jeung Nyi putri.
Aki
panyumpit : Tuh, geus aneh deui bae make
haying ka karaton sagala. Naha teu sieun dipeuncit kitu? Mangkaning ratuna
galak pisan!
Lutung : Akh rek dicakar we beungeutna
ari galak mah!
Babak 3
(Di tengah leuweung luwang-liwung,
Putri Purbasari ngeueung sorangan. Diuk di saung eurih, ngahariring bangun
prihatin. Dikajauhan aya lutung keur ngintip ngadedengekeun. Sakapeng lutung
teh gagaro bari semu culang cileung)
Purbasari : (Ngahariring, pupuh maskumambang)
Aduh
ibu ieu kuring keur prihatin,
Pada
nganiaya, Dulur teu aya nu asih,
Teu
bumela mikanyaah
Cuang-cieung
sorangan di sisi lamping,
Taya
pangumaha, kuring nandangan kapeurih
Sangsara
taya bandingna
(lutung nyampeukeun ka purbasari
bari ngahariring, ngaheureuyan)
Lutung : Ulah ceurik, ulaaah ceurik..
Purbasari : Eh, eh, aya lutung! Saha anjeun beut wani wani
nyampeukeun!
Lutung : Ulah sieun eneng! Em.. sebut we Aa Utung!
Ari eneng saha?
Purbasari : Abdi teh Purbasari
Lutung : Meuni geulis sapertos Dian sastro
Purbasari : Aa utung ge keren ih, sapertos Nicolas Saputra
Lutung : Naha neng aya di tengah leuweung?
Purbasari : Kieu
dongengna a utung. Eneng gaduh lanceuk namina Purbararang. Tah Purbararang teh
juteeeek pisan. Terus pas abdi dipasihan karajaan sirikeun ka eneng. Eneng
diusir ti karaton ku sabab hoyong jadi Ratu.
Lutung : Emh, deudeuh teuing! Eh, em…. Eneng
tos….tos gaduh kabogoh?
Purbasari : Teu acan. Naha naros kitu, a utung?
Lutung : hari gini belum punya pacar!
Purbasari : ikh, a utung jahat! Jahat!
(Lutung tuluy naek kana tatangkalan,
ngala bubuahan. Maranehna ngadahar bungbuahan. Purbasari bangun capeueun, reup
manehna sare disaungna. Nenjo kaayaan purbasari, lutung bangun kagagas pisan.
Manehna tuluy menekung sarta ngagibrikeun awakna. Aheng pisan, saharita jleg
aya karaton agreng. Basa purbasari hudang manehna colohok awahing ku reuwa)
Purbasari : A utung
ieu ujug-ujug bet aya karaton? A utung teh tukang sihir nya? A utung pinter ik,
sapertos ma lampir!
(Lutung teu nembal, kalah beretek
lumpat ka leuweung. Teu lila jol deui bari mawa kembang. Sok dibikeun ka
purbasari. Lutung lutuy ngahariring)
Lutung : kuring teh arjuna….aaa…
Nu
neangan cintaaa…
Para
wanoja….aaa….
Naha
teu aya nu cintaa….
Tidak ada komentar:
Posting Komentar